Pun !
Geus dipaheutkeun kunu Ngatur
didituna
Yen kami kudu ngajagangan hiji
mandala di Dua mangsa
Yen kami baris nitis deui dina
wanci nu dipasinikeun
Yen kami kudu nyaksian turunna
pulung ka Galunggung
Sabada nyaksian turunana pulung
ka lebah Ciliwung ratusan taun ka tukang
Subaya mangsa kiwari geus
ninggang diugana
Kiwari kami dating deui marengan
nu dating make ngaran kami
- S I L I W A N G I -
Ngaran Kami , Ngaran Bihari
Kami – ngaran pancen jeung jiwa
kami,
Hayang matuh dina sumsum balung
aranjeun,
Hayang ngimah dina jiwa aranjeun.
Hayang nitipkeun ngaran kami –
Siliwangi ka anak incu kami,
Jeung hayang supaya eta ngaran
tetep di jaga saperti nu geus di jalankeun ku kami.
Kami datang deui dina ngaran,
pancen jeung jiwa kami kana ngaran, pancen jeung jiwa aranjeun.
Geura tampa ieu kami,
Hei urang Pajajaran anyar.
Saestuna pancen kami, jiwa kami, nyaeta
:
NYUNGKEMKEUN ACINING ASIH KALEMAH
CAI
KU WENING ATI,
NGABAKTI JIWA RAGA KA NAGARA
KU BALUNGBANG RASA,
Jeung dimana engke simpay nagara
pegat – kandaga – lante kandaga lante harayang ngaraja dewek ,
Geura gunakeun leungeun aranjeun
binareng jeujeuhan.
Gupayan ku katresna, sugan nu
ingkar daek eling daek mulang.
Jeung upama panggupay aranjeun
teu dicumponan, kami nyaho yen leungeun aranjeun bisa di kuah – kieuhkeun bisa
diusapkeun bisa dipeureupkeun !
Pun ! Geura pake ngaran kami –
Siliwangi – ku aranjeun tapi omat ! masing bisa nyubadanannana, Masing bisa
ngajagana, masing bisa ngajiwaannana.
Saestuna ngaran kami teh sarua
jeung kami pribadi :
Boga suka jeung duka,
Seja jeng usaha.
Tapi inget !
Sing saha anak incu kami numake
ngaran kami kalawan maksud nusuci maranehna meunang kapercayaan ti kami :
Sagala dukana baris ditungtungan
ku sukana,
Sagala sejana baris di heueuhan
ku Sanghiang bener,
Sagala usahana baris ditungtungan
ku buahna, buah alaeunnana,
Jeung alaeun anak incuna.
Sabalikna,
Upama aya anak incu kami numake
ngaran kami bari teu jeung wiwaha,
Boga seja jeung tekad nu nirca,
atawa boga rasa ujub ku kaunggulan,
Kami seja narik kapercayaan kami,
sarta upama aya mamala datang,
Tanggungan pribadina di bale
balitungan………………………………..
Ngaran kami montong dibabawa,
Ngaran kami montong
dikotoran…………………………………………………….
Cag, sakieu wangsit ti kami –
Siliwangi-
Geura bral,
Sing panjang natar lalakon
kasmaran picaritaeun.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar